contoh talatah,bewara,jeung warta basa sunda

CONTO TALATAH  1
                               
KERJA KELOMPOK
Adi         :”Ti....ti....ti kadieu heula sakedap !”
Tanti      :”Aya naon di ?”
Adi         :”Kamari teh abdi sareng wulan geus janjian rek kerja kelompok ayeuna tapi ayeuna abdi teu bisa ngiring soalna  aya acara keluarga”
Tanti      :”Oh kamari teh abdi sareng wulan teh  tos janjian rek kerja kelompok tapi adi na teu bisa ayeuna ?”
Adi         :”Muhun ti pang talatahkeun nya ka wulan ,abdi teu bisa datang kitu nya”
Tanti      :”Nya muhun ke kutanti dibejakeun ka wulanna”
Adi         :”Enya...Nuhun nya ti”
Tanti      :”Sawangsulna”


TALATAH 2

BUKU INJEMAN
Danu     :”To.. to kadieu heula”
Toto       :”Nya kulan,aya naon nu?”
Danu     :”Punten,pang masihankeun buku ieu ka si rio”
Toto       :”Oh nya dan”
Danu     :”Hatur nuhun nya to”
Toto       :”Nya sawangsulna dan”




TALATAH 3

NITIP SURAT
Yusuf     :”Assalamualaikum put”
Putri      :”Waalaikumsalam aya naon suf ?”
Yusuf     :”Abdi ayeuna teu tiasa asup sakola heula rek nitip surat ka putri,ka guru yusuf keun nya”
Putri      :”Emang kunaon sih teu tiasa asup sakola ayeuna ?”
Yusuf     :”Yusuf teh ayeuna bade ka subang rek ngalongok ema anu gering diditu”
Putri      :”Oh ema yusuf teh keur gering diditu ?”
Yusuf     :”Enya..pang talatahkeun nya ka guru yusuf,lamun yusuf teh ayeuna teu tiasa asup sakola heula”
Putri      :”Nya suf ke ku putri dibejakeun ka guruna”
Yusuf     :”Nuhun nya put”
Putri      :”Sawangsulna”



CONTO BEWARA 1

Assalamualaikum wr.wb
Bewara kanggo ka sadayana orang tua/wali murid SMAN 2 CIKAMPEK kelas X,XI, XII .dina acara ieu nyaeta acara ngabagikeun rapot kelas semester genap anu dilaksanakeun dina :
            Tanggal           :16 Desember 2017
            Tabuh              : 08:00 WIB
            Tempat            :Ruangan Kelas masing-masing
Dina dasar diluhur abdi ngaharap bapak/ibu bisa datang ka ieu acara.Hatur Nuhun
Wasalamualaikum wr.wb

                                                                                                            Kapala Sakola

Hj.Dida Siti Sa’adah MM




BEWARA 2

Assalamualaikum wr.wb
            Bewara kanggo siswa-siswi SMAN 2 CIKAMPEK .Osis jeung Mpk bade ngaakeun lomba-lomba kanggo mieling poe pahlawan.Aya babaraha lomba anu bade dilaksanakeun ,diantawisna :
1)      Paduan Soara
2)      Musikalisasi Puisi
3)      Pidato
4)      Model
Insyaallah anu bade dilaksanakeun dina :
            Waktos            :Sabtu 18 November 2017
            Tabuh              :07:00 sampe rengse
            Tempat            :SMAN 2 CIKAMPEK
Katiap-tiap kelas diantos wakil lomba-lombana hayu urang ramekeun poe pahlawan,sarta ngahargaan jasa para pahlawan.

Ketua Osis
Siska Widia Obaita








BEWARA 3

Assalamualaikum wr.wb
            Bewara kanggo siwa siswi SMAN 2 CIKAMPEK,Osis jeung Mpk bade ngayakeun acara kanggo mieling poe sumpah pemuda.Aya loba sareng hiburan diantawisna,lomba tumpeng,panampilan tiap esktrakulikuler,sareng band.Nu bade dilaksanakeun dina      :
            Waktos            :Senen,30 Oktober 2017
            Tabuh              :08:00 dugi ka rengse
            Tempat            :SMAN 2 CIKAMPEK
            Kanggo siswa siswi diantos dilapangan basket kanggo ngaramekeun  poe sumpah semuda di SMAN 2 CIKAMPEK ieu.Hatur Nuhun

                                                                                                            Ketua Osis
                                                                                                            Siska Widia Obaita




WARTA 1

NYITA MANUK LANGKA SALUNDUPAN
Balai konservasi sumber daya alam jeung balai karangtina partanian Samarinda Kalimantan Timur nyita 426 manuk anu rupa-rupa jenisna,nu rek disalundupkeun ka pulo sulawesi.112 manuk beo,240 manuk jalak,60 manuk cadet jeung 14 manuk kecet disita ti palaku anu inisialna ZM anu keur aya dipalabuhan samarinda rebo kamari.
Rencana na ratusan manuk langka ieu arek dileupas liarkeun sabab dikawatirkeun manuk jadi stress anu ujungna nyebabkeun kapaehan.




WARTA 2

ROBAHNA TANGGAL UAS
          Para murid SMAN 2 CIKAMPEK reuwas jeung can siap kanggo UAS anu tanggalna dipajukeun ,anu tadina tanggal 04 Desember jadi tanggal 27 November 2017.Akibatna murid di sma ieu jadi ngaromong atanapi protes ka guru.
            Akhirna kepala sakola SMAN  CIKAMPEK oge ngomong “Ieu tos katangtuan ti pamarentahna,da ayeuna mah SMA urang teh tos gabung jeung provinsi sanes di kabupaten deui,jadi urang kudu milu aturan anu diatur ku provinsi .




WARTA 3

DISPERINDAG KAB.BANDUNG NGAYAKEUN PASAR MURAH
          DISPERINDAG(dinas perindustrian & perdagangan)Kab.Bandung ngayakeun pasar murah dikompleks perkantoran di Pemkab.Bandung.Dina eta pasar murah dijual saniskara produk UKM(usaha kecil menengah).Nurutkeun kadisperindag Kab.Bandung Bambang Budiraharjo,pasar murah ieu ngarupakeun agenda taunannubakal dilaksanakeun Disperindag Kab.Bandng.
            Dina pasar murah ieu sakabeh produk nu dijual hargana leuwih mrah dibandingkeun dipasar atawa swalayan.Pasar murah kacida dipikaresep warga di Kab.Bandung saperti taun nu samemehna,muterna duit ngahontal Rp.68 juta “paminat pasar murah ieu lolobana masyarakat umum.Presentase ngadongdnna 70% masyarakat umum jeung 30% PNS”
           


Komentar